9D THE BEST ALUMNI SMP N 1 CILEDUG

Selasa, 27 Januari 2009

puisi sunda

Angin Leutik –Aya anjeun

angin leutik mawa bewara,
sanggeus panggih jeung angjeun
hate beuki marojengja,

angina leutik mawa ka waas
sanggeus panggih jeung anjeun
hate beuki mikamelang,

angina leutik marengan diri
sanggeus sadar yen anjeun
sumeleket na hate.
***
Tasikmalaya 1997


Na Regang Waktu

dina regang anggang kasawang,
ci ibun maseuhan katumbiri napel na diri,
geuning waktu teh kalangsu mapay rangrang,
sakpeung angin leuting nyingraykeun lalangsu,
mata poe simpe,
geuning beuki burit...
***
Ciamis, 1996


Naha ?

sasampayan waktu kalangsu,
hiber kabawa angin sapopoe
ninggalkeun mega panganjrekan para dewa
sakapeng ngahuleng,
indung suku nu salah atawa taqdir ?

sasampayan waktu kalangsu,
mireungeu batur gumulur
na ras ari sorangan,bangkar
naha nasib atawa lalangse ?
***
Ciamis, 1995



by

Eka widyastuti.A

Tidak ada komentar:

Posting Komentar